Langsung ke konten utama

Postingan

Unggulan

Hiji                 Imah anu ngariung lima disaburuankeun di wewengkon Margaluyu ngadadak rame ku musik dangdutan. Sakabeh panon lir dihipnotis museur kana layar kaca. Lobaan oge panon teh. Geura we tataan, nya? Di barisan panghareupna aya panon Peter, Arestia, Zakia jeung Istiqomah. Sisi kenca-katuhueunana aya panon Habibah, Reza, Aulia, Bayu, Amin, Nunik…                  Ambuiiing, etah panon Adzimattinur budak lembut umur dua taun anu kuduna wanci ngeleyep lir lampu lima watt oge… pipilueun, euy! Jleeeng! Geus ngabaku tamah Butet ngajleng tilu umpakan disakaliguskeun ti loteng. Siiiuuuut… hhhkkk, cenah, manehna ngerem disakalikeun deui bae. Sajongjongan mah budak awewe umur tiluwelasan teh molotot mata simeuteun, heran mireng kalakuan barudak. Enya dulur-dulur sabrayna, sanini-saaki ti pihak indungna. Indung jeung bapana geus taya dikieuna alatan kacilakaan kapal terbang dua taun katukang. Mimitina mah Butet dirawatan ku kulawedet bapana. Ngan beak dikak

Postingan Terbaru

Selamat datang